بسم
الله الر حمن الر حيم
الحمد
لله رب العالمين والصلاة والسلام
على
اسرف الا نبياء والمرسلين
وعلى
اله وصحبه اجمعين
*اما
بعد*
Ari hukum eta aya tilu :
1. Hukum adat
2. Hukum syara
3. Hukum akal
Ari hukum adat nyaeta : Neutepken hiji perkara kana
hiji perkara atawa euweuhna kalawan lantaran di bulak- balik
Ari hukum adat eta di bagi opat bagian :
1. Nyambung aya ku aya saperti ayana seubeuh
ku sabab ayana dahar
2. Nyambung euweuh ku euweuh saperti euweuhna
seubeuh ku sabab euweuhna dahar
3. Nyambung aya ku euweuh saperti aya na tiris
ku sabab euweuh na simbut
4. Nyambung euweuh ku aya saperti euweuhna
panas ku sabab ayana cai
Ari ngaran hukum syara nyaeta :dawuhan
Alloh Ta’ala anu cumantel kana pagawean hiji-hiji jalma naha tina hitob taklip
atawa tina hitob wadh’i
Ari ngaran hitob taklip nyaeta dawuhan
Alloh Ta’ala anu cumantel kana pagawean hiji-hijina jalma naha tina
pameureudih saperti
wajib,sunat,haram,makhruh,wenang
Ari
ngaran hitob wadh’i nyeta : dawuhan Alloh Ta’ala anu cumantel kana pagawean
hiji-hijina jalma naha tina wadhonana saperti sababna saratna, ma’nena, sohehna, pasidna
Ari ngaran hukum akal nyaeta netepkeun hiji
perkara kana hiji perkara atawa euweuhna henteu kalawan lantaran di bulak balik
Ari hukum akal eta di bagi tilu bagian :
1. Wajib ceuk akal
2. Mustahil ceuk akal
3. Wenang ceuk akal
Ari ngaran wajib ceuk akal nyaeta dimana-
mana perkara anu teu kaharti ku akal euweuhna saperti wajib ayana Alloh Ta’ala
Ari ngaran mustahil ceuk akal nyaeta
dimana-mana perkara anu kaharti ku akal ayana seperti mustahil euweuhna Alloh
Ta’ala
Ari ngaran wenang ceuk akal nyaeta : dimana-mana perkara anu kaharti ku
akal ayana atawa euweuhna seperti ayana makhluk atawa euweuhna makhluk.
Wajib ka sakabeh jalma anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana
aqo’idil iman anu lima puluh
Ari jalan-jalana anu matak aya lima puluh karena eta anu wajib di Alloh
Ta’ala dua puluh, anu mohal di Alloh Ta’ala dua puluh anu wenang di Alloh Ta’ala hiji,anu wajib di Rosul opat,anu mohal di Rosul opat,anu wenang
di Rosul hiji, jumlah lima puluh
PASAL KAHIJI
Nerangkeun sifat anu wajib di Allah
Ta’ala dua puluh jeung mohalna
1.
وجودtegesna aya Alloh Ta’ala moha ادم tegesna
mohal wuewuh
Ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala
aya nyaeta
الله الذى خلق
الشموات والارض وما بينهما
Hartina : ari dzat na Alloh Ta’ala teh ata anu ngadamel bumi tujuh
langit tujuh katut saeusi-eusina
2. قدامtegesna tiheula Alloh Ta’ala mohal حدث tegesna mohal anyar
Ari dalilna yen wajib AllahTa’ala tiheula nyaeta :
هوالاول ولاخر
Hartina : ari dzatna Alloh Ta’ala teh eta anu tiheula hanteu aya
mimitina anu akhir hanteu aya tungtungna
3. بقاءtegeusna tetep langgeung dina dzat na Allah
Ta’ala mohal تروالعدم tegesna mohal rusak
Ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala tetep langgeung nyaeta
ويبقى وجه ربك ذالجلا ل والاكرام
Hartina : ari dzatna Alloh Ta’ala teh eta anu kagungan sifat kaagungan
jeung sifat kamulyaan
4. مخلفة
للحوادثtegesna beda Allah Ta’ala jeung
sakabeh anu anyar mohal مما
ثلة للحوادث tegesna
mohal sarua Alloh ta’ala jeung sakabeh anu anyar
Ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala
beda jeung sakabeh anu anyar nyaeta ليس كمشل شيئ hartina : mohal aya anu
nyaruaan kana dzatna Alloh Ta’ala sahiji oge
5. قيا مه بنفسهtegesna jumeueung Alloh Ta’ala ku anjeun
mohal قيام بغيرهtegesna mohal aya nu ngajumenengkeun ari
dalilna yen wajib Allah Ta’ala jumeneng
ku anjen nyaeta
ان الله غنيي عن
العلمين
Hartina : ari dzatna Alloh Ta’ala anu sugih ku sakabeh makhluk tegesna
henteu butuh Alloh Ta’ala ku makhluk balikta makhluk butuh ku Alloh
6. وحدانيةtegesna hiji dzat Alloh Ta’ala hiji sifatna , hiji
apa’lna, mohalna
تعدددات
والصفات والافعال
Tegesna mohal dua dzatna Alloh
Ta’ala mohal dua sagala sifatna jeung mohal dua sagala padameulannana
Ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala وحدانية nyaeta
قل
هو الله احد hartina : dawuhkeun ku anjeun Muhammad ka umat-umat
anjeun ari dzat na Aloh teh ngan sahiji
7. قدرة tegesna kawasa Alloh ta’ala mohal عجز tegesna mohal apes ari dalilna yen wajib Alloh
Ta’ala kawasa nyaeta
ان الله على كل شيئ
قدير hartina :
ari dzatna Alloh Ta’ala teh eta anu kawasa kana naon-naon oge
8. اردات tegeusna keresa Alloh Ta’ala mohal كر هة tegesna mohal kapaksa . ari dalilna yen wajib Alloh
Ta’ala keresa nyaeta
فعال
لما ير يد
hartina ari dzatna Alloh teh eta anu
keresa sakeresa anjeuna
9. علمtegesna uninga Alloh Ta’ala mohal جهل tegesna mohal bodo . ari dalilna yen wajib Alloh
Ta’ala uninga nyaeta : و
هوا بكل شيئ عليم hartina ari dzatna Alloh Ta’ala the eta anu
uninga kana naon-naon oge
10. حياتtegesna hirup Allah Ta’ala mohal موت tegesna moal maot . Ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala hirup
nyaeta
فتوكل على الحي الذى لايمو ت hartina maneh kudu ku
mandeul kanu hirup kanu tara pupus nyaeta zdatna Alloh Ta’ala
11.
سمع tegesna ngarungu Alloh Ta’ala mohal عصمtegesna
mohal torek . ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala ngarungu nyaeta
والله سميع عليم hatina ari dzatna Alloh
Ta’ala teh eta anu ngarungu tur anu uninga
12.
بصرtegesna ningali Alloh Ta’ala tegesna mohal عمى tegesna mohal lolong ari
dalilna yeb wajib Aoh Ta’ala ningali nyaeta
والله بصر بما تعملون
hartina ari dzatna Alloh Ta’ala the eta uninga kana sagala laku lampah jalma
13. كلام tegesna nadawuh Alloh Ta’ala mohal بلم tegesna mohal pireu
Ari dalilna yen wajib Alloh Ta’ala ngadawuh nyaeta وكلام
الله موس تكليما
Hartina : parantos ngadawuh Alloh
Ta’ala kakangjeng nabi Musa kalawan ngadawuh temenan
14.
قذيراtegesna anu kawasa Alloh Ta’ala mohal عجيزا tegesna mohal anu apes
15.
مريداtegesna anu kereusa Alloh Ta’ala mohal كريحا tegesna mohal anu kapaksa
16. عليما tegesna anu ningali Alloh Ta’ala mohal جاهلا tegesna mohal anu bodo
17. حيا tegesna anu hirup Alloh Ta’ala mohal ميتا tegesna mohal anu maot
18. سميعا tegesna anu ngarungu Alloh Ta’ala mohal عصم tegesna mohal anu torek
19. بصيراtegesna anu ningali Alloh Ta’ala mohal اعمى ا tegesna mohal anu
lolong
20. متكلما tegesna anu ngadangu Alloh Ta’ala mohal ابكم tegesna mohal anu pireu
PASAL KADUA
Nerangkeun sifat anu wenang di Aloh Ta’ala
hiji nyaeta
فعل
كل ممكن او تر كه hartina
wenang Alloh Ta’ala ngdamel makhluk atawa tinggal ngadamel makhluk . ngadamel
makhluk kumaha keresana hanteu ngadameul makhluk kumaha keresana
Ngadamel makhluk hanteu matak nambahan kana
darajatna Alloh Ta’ala hanteu ngadameul makhluk teu matak ngurangan kana
darajatna Alloh Ta’ala anu maha luhur
PASAL KA TILU
Nerangkeun sifat anu wajib di rosul
opat jeung mohalna.
1.
Sifatصدق tegesna balalener para
rosul kabeh mohal كد ب tegesna mohal bohong
2.
امنهtegesna kepecaya para rosul kabeh
mohal حيانة
tegesna mohal cidra
3. تبليغ tegesna
pada ngadatangkeun perentahan para rosul kabeh anu kudu didatankeun mohal كتم tegesna mohal nyumputkeun
4. فطانه tegesna palalinter para rosul kabeh mohal بلادة
tegesna mohal belet.
PASAL KA OPAT
Nerangkeun sifat anu wenang di rosul
hiji nyaeta:
الاعراض البشرية الت لاتناقص رطبة الرسالة hatina
wenang di para rosul katerapan pamake sifat kamanusaan kaya teudamang anu
enteng : panas, tiris, tuang leueuet jima anu halal. Mohal sakur-sakur panyakit
anu matak ngaruksak kana darajatna para rosul kabeh kaya belang, kaya kesrek
eta mohal di rosul.
PASAL KA LIMA
Nerangkeun sifat anu dua puluh dibagi opat
:
1. نفسيه hartina نفسيه bangsa awak tegesna
salira anu disebut tempat ku anjeun jumeneng kuanjeun
2. سلبيه hartina سلبيه bangsa euweuh. Euweuhnamah euweuh mimitina, euweuh
ruksakna, euweuh tempatna euweuh bangsana , euweuh anu ngajumenengkeun.
3. معان hartina معان pirang-pirang mengerti nyaeta: kawasa,
kersa, uninga, hirup, ngarungu, ninggali, ngandika.
4. معنويه hartina معنويه pirang-pirang anu
mengerti. Nyaeta: anu kawasa, anu kersa, anu uninga, anu hirup, anu ngarungu,
anu ninggali, anu ngandika.
PASAL KA GENEP
Nerangkeun
babagianana anu opat
1.
نفسيه babagianana hiji nyaeta وجود
2.
سلبيه babagianana lima nyaeta: 1.قدام 2. بقاء 3. مخالقةللحوادث 4. قيامهبنفسه, 5. واحدانية
3.
Ma’ani babagianana tujuh nyaeta: 1. قد رة 2. ا ردة, 3. علم 4. حيا ت, 5. سمع, 6. بصرا, 7. كلم
4.
Ma’nawiah babagianana tujuh nyaeta: 1. قد يرا, 2. مريدا, 3.عليما, 4. حيا, 5. سمعا, 6.بصيرا, 7. متكليما.
PASAL KA TUJUH
Nerangkeun sifat dua puluh dibagi dua : 1. ا ستغنى Hartina istigna sugih
alloh ta’ala ku mahluk. Ari ngaran sugih di Alloh mah henteu butuh ku naon-naon 2. ا فتقا ر. Hartina iftiqor butuhna mahluk ku alloh.
PASAL KA DALAPAN
Nerankeun
babagianan anu dua :
1.
Istigna babagianana sabelas nyaeta : 1. وجود,
2. قدام, 3. بقا, 4.مخل لفة للحوا د ث, 5. قيامه بمنفسه, 6. سمع, 7. بصو ر, 8. كلم, 9. سميعا, 10. بصرا, 11. متكلما
2.
Iftiqor babagianana salapan nyaeta: 1. واحدانية, 2. قد رة, 3. اردت, 4. علم, 5.حيا ت, 6.قد يرا, 7. مريدا 8. علما, 9. حيا.
Ari anu manjing kana lafadلا eta aya lima: 1.وجود, 2.قدام, 3.بقاء, 4. مخالقةللحوادث, 5. قيامهبنفسه
Ari anu manjing kana lafadاله eta aya genep
nyaeta:
1. سمع, 2.
بصر, 3.
كلم, 4سميعا., 5.
بصر, 6.
متكليما.
Ari
anu manjing kana lafadالاالله eta aya
salapan: 1. وحد نية, 2.
قد رة,
3.
اردة,
4.
علم,
5.
حية,
6.
قد يرا,
7.
مريدا,
8.
عليما,
9.
حيا.
Jeung
deui wajib kasakabeh jalma anu mukallaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana
sakabehna para rosul satengah anu wajib dikanyahokeun kumpulna bae. Satengah
anu wajib diknyaokeun hiji-hijina. Ari anu kumpul di para rosul eta jumlahna
aya tilu ratus tilu belas (313).
Tapi
ari anu wajib di kanyahokeun hiji-hijina eta jumlahna aya salawe
1.Nabi Adam
2. Nabi Idris 3. Nabi Nuh 4. Nabi Hud 5. Nabi Saleh 6. Nabi Ibrohim 7. Nabi
Luth 8. Nabi Ismail 9. Nabi Ishak 10. Nabi Yakub 11. Nabi Yusuf 12. Nabi Ayub
13. Nabi Syua’aib 14. Nabi Harun 15. Nabi Musa 16. Nabi Zakaria 23. Nabi Yahya
24. Nabi Isa 25. Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Ari sajumlahna para nabi sareng para
rosul eta aya sakeuti dua laksa opat rebu (saratus dua puluh opat rebu) tapi ari
anu kagungan syareatmah eta aya genep
1.
Nabi Adam AS
2.
Nabi eunuh AS
3.
Nabi Ibrohim AS
4.
Nabi Musa AS
5.
Nabi i’sya AS
6.
Kangjeng Nabi
Muhammad SAW
Tetapina sadayana syare’at eta di
salin ku syarea’t Kangjeng Nabi Muhammad SAW
Jeung deui wajib kasakabeh jalma
mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana turunanna Kangjeung Nabi Muhammad
SAW ti arah-arah ramana sareng ti arah-arah ibuna. Ari turunanna Kanjeung Nabi
Muhammad SAW ti arah-arah ramana nyaeta Kanjeung Nabi Muhammad putra Abdullah ,
Abdullah putra Abdul Mutholib, Abdul Mutolib putra Hasim, Hasim putra Abdil
Manap, Abdil Manap putra Qusoy, Qusoy putra Kilab, Kilab putra Muroh, Muroh
putra Ka’ab,Ka’ab putra Luay,Luay putra
Gholib,Gholib putra Pihir, Pihir putra Malik,Malik putra Nadhor, Nadhor putra
Kinaanab,Kinaanab putra Huzaimah, Huzaimah putra Mudrikah, Mudrikah putra
lyaas, Ilyaas putra Mudhor, Mudor putra Nizaar, Nizaar putra Ma’ad, Ma’ad putra
Adnaan, heunteu aya deui putra sanggeus Adnaan neupi ka Nabi Adam AS dadalam
anu shoheh dina kitab anu di tukil
Ari turunan nana Kangjeung Nabi
Muhammad ti arah - arah ibuna nyaeta Kangjeung Nabi putra Aminah, Aminah putra
Wahab, Wahab putra Abdil Manap, Abdil Manap putra Juhroh, Juhroh putra Kilab,
Kilab putra tuluy kupul sareng Kanjeung Nabi Muhammad SAW eyangna Kangjeung
Nabi nyaeta Kilab.
Jeung deui Kanjeung Nabi bakal
maparin syafa’at jaga dina pisah-pisahna sakabeh hukum jeung deui perkara syafa’at
teh eta geus di tangtukeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW
Jeung deui wajib kasakabeuh jalma
anu mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun kana putrana Kanjeng Nabi Muhammad
SAW
Eta aya tujuh ceuk ujar
kaol anu shoheh
1.
Sayyiduna
Qosim
2.
Sayyidatuna
Jenab
3.
Sayyidatuna
Fatimah
4.
Sayyidatuna
Rukoyah
5.
Sayyidatuna
Umi Qulsum
6.
Sayyiduna
Abdillah
7.
Sayyiduna
Ibrohim
Eta
sadayana putra Kangjeung Nabi ti Siti Khodijah anging lain ti Siti Khodijah Sayyiduna
Ibrohim etamah ti Siti Hariyah bangsa qobti ti nagarana
Jeung
deui wajib kasakabeuh jalma mukalaf
awewe lalaki kudu nganyahokeun kasakabeh garwana Kangjeung Nabi SAW waktos di kantunkeun wafat eta aya
salapan
1.
Siti A’isyah
2.
Siti Hapshoh
3.
Siti Saudah
4.
Siti Shopiyah
5.
Siti Maemunah
6.
Siti Romlah
7.
Siti Hindun
8.
Siti Jaenab
9.
Siti Juwariah
Jeung
deui wajib kasakabeuh jalma mukalaf awewe lalaki kudu nganyahokeun ka Malaikat
hiji-hijina eta aya sapuluh
1.
Malaikat Jibril
padamelan nana tukang nurunkeu wahyu ka para Nabi
2.
Malaikat Mikail padamelanana tukang ngurus rijqi ka
sakabeh makhluk
3.
Malaikat
Isrofil padamelan nana tukang niup song-song jaga di poe qiamah
4.
Malaikat
izroi’l padamelan nana tukang nyabut
nyawa ka sakabeuh makhluk
5.
Malailat Munkar
6.
Malaikat Nakir
padamelan nana dua nana tukang mariksa makhluk di jero kubur
7.
Malaikat Rokib
8.
Malaikat A’tid
padamelan nana dua nana tukang nuliskeun amal manusa anu hade anu goreng
9.
Malaikat Malik
padameulan nana juru kunci di naraka
10.
Malaikat Ridhwan
padameulan nana juru kunci sawarga
Jeung deui
wajib di kanyahokeun Alloh Ta’ala nurunkeun kitab ka para Nabi eta aya saratus
punjul opat kitab tapi ari anu wajib di kanyahokeun mah hiji-hijina eta aya opat kitab
1.
Kitab Taurot
turunna ka Nabi Musa AS
2.
Kitab Inzil
turuna ka Nabi Isya AS
3.
Kitab Jabur
turuna ka Nabi Daud AS
4.
Qur’an turuna
ka Nabi Muhammad SAW tetapina sadaya eta kitab di salin anging kita Qur’an dugi
ka yaumil qiyamah eta mah heunteu di salin.
T A
M A T
والله اعلم