Selasa, 06 Agustus 2013

Kitab KAULA (Pondok Pesantren Al- Ittifaq)



الحمد الله رب علمين ةالصلا ة والسلا م على اشرف الا

Kaula teh boga pangeran nyaeta allah anu ngadamel kaula jeung sakebeh mahlukna ,jeung deui kaula teh boga nabi nyaeta Kangjeng Nabi Muhamad  SAW. Ramana Raden Abdulah ibuna Siti Aminah , dibabarkeunana di mekah diutusna dimekah , teras ngalih ka madinah di pedemna di madinah dibumina Siti Aisyah Radiallahu Anha .
ا شهد ان لا اله الا الله
Hartina “ Nekadkeun kaula ku ati ngucapkeun kulisan kana saenya enyana kalakuan hanteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan ku anu sabener benerna dina ayana anging gusti allah nyalira”.
واشهد ان محد ر سول الله
Jeung deui nekadkeun kaula ku ati ngucapkeun ku lisan kana nyen saenya-enyana kangjeng nabi muhamad eta piwarangan gusti allah .Dipiwarang ngadatangkeun hokum syara ka sakabeh umat umatna.
Ari hukum syara eta aya 5 perkara
1.      Wajib
2.      Sunat
3.      Haram
4.      Makruh
5.      Wenang
1.    Ari Ngaran Wajib Ceuk Syara
مَا ئًسَابَ عَلَئ فَعلِهِ وئعا قب علئ تر قه
     Hartina : “ Dimana mana perkara dilakonan diganjar ditinggal di siksa contohna  
    saperti sholat lima waktu ,puasa , zakat, munggah haji
 
2.    Ari ngaran sunat ceuk syara nyaeta
مَا ىُسَبَ عَلَى فَعْلِهِ وَلاَ  يُعَاقَبُ عَلَى تَرْ قِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara dilakonan diganjar ditinggal henteu disiksa contona saperti : sholat sunat ,jeung sajaba ti eta
3.    Ari ngaran haram ceuk syara nyaeta
مَا ىُسَبَ علئ تر قه وَ يُعَاقَبُ عَلَئ فَعلِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara ditinggal diganjar dikakonan disika  contohna saperti jina maling,tinggal sakabeh ti eta .
4.     Ari ngaran makruh ceuk syara nyaeta
مَا لاَ ىُسَبَ علئ تر قه وَ يُعَاقَبُ عَلَئ فَعلِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara ditinggal diganjar dilakonan henteu disika  contohna saperti : ninggali parji pamajikan  .
5.      Ari ngaran makruh ceuk syara nyaeta
مَا لاَ ىُسَبَ عَلَئ فَعلِهِ وَلاَ يُعَاقَبُ عَلَئ تَرْقِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara ditinggal henteu diganjar dilakonan henteu disika  contohna saperti : dahar,nginum,jeung sajab ti eta.
Ari ngaran wenang mah lamun niatna hade menang ganjaran lamun niatna goreng teu menang ganjaran .
BAB ISLAM
PASAL KAHIJI
Mertelakeun islam tegesna islam teh kabagi dua bagian : sabagian islam ceuk babasan , dua bagian islam ceuk syara .
Ari ngaran islam ceuk ligot nyaeta :
مَطَلَقَ اْلِا نْقِيَدْ
Hartina “ kadar – kadar anut pada uga kana hokum syara atawa liana “
Ari ngaran islam ceuk syara nyaeta :
اَلْاِ نْقِيَا دُ لِيْلْاَ حْكَمِ اْلشَرِ عِيةِ
Hartina “ menurut kana sakabeh hokum syara anu geus diparentahkeun ku rosul “
PASAL
Ari rukun islam eta aya 5 perkara :
1.      Ngucapkeun dua kalimah syahadat nyeta lapad
ا شهد ان له الا الله واشهد ان محد رسول  الله
2.      Migawe sholat lima waktu nyaeta sholat dhuhur, ashar , magrib ,isya ,shubuh
3.      Mikeunan zakat lamun geus boga pizakateunana
4.      Puasa Sabula dibulan romadhon
5.       Munggah haji ka mekah lamun geus boga pibeukeleunana , keur majuna ,jeung keur balikna sarta nisab mungguh syara
Pasal
Ari syarat syahna islam eta aya lima perkara :
1.      Al bulughu (البلو غ )
Tegesna kudu baligh
2.      Wal aqlu ( والعقلا  )
Tegesna kudu boga akal
3.      Wannutqu liman qadaro alaihi ( والنطق لمن قد رعليه  )
Tegesna kudu ngucap mungguh jalma anu bisa ngucap
4.      Wattar tibu baiba syahadatain (و تر تب بين شها د تين  )
Tegesna kudu nartibkeun dian antara syahadat dua
5.      Wal bulughu da’wa (والبلغو الد عو ي  )
6.      Kusabab aya anu asup peledugna jalan
7.      Kusabab aya anu asup peleugna tipung
8.      Kusabab aya anu anu asup laleur atawa sabangsana laleur

PASAL
Ari rukun iman eta aya genep perkara :
1.      Kudu ngimankeun kana aya na allah ta’ala
2.      Kudu ngimankeun kana sakabeh malaikatna allah ta’ala
3.      Kudu ngimankeun kana sakabeh kitab-kitabna allah ta’ala
4.      Kudu ngimankeun kana sakabeh utusanana allah ta’ala
5.      Kudu ngimankeun kana poe akhir nyaeta poe kiamah
6.      Kudu ngimankeun kana papasten papasten hade papasten goreng eta datangna ti allah ta’ala papasten hade dilakonan papasten goreng disingkahan
PASAL
Ari syarat syahna iman eta aya tujuh perkara :
1.      Al bulughu البلوغ   
Tegesna baligh
2.      Wal aqlu (والعقل  )
Tegesna kudu boga akal
3.      Wal bulughu da’wah (والبلوغ الد عوئ )
Tegesna kudu datang na pangajak na rosul
4.      Wa’ala yasytakhilla ma’a ajama alattakrimihi
(وان لا يستخل ما اجمع عل تحرمه )
Tegesna ulah ngahalalkeun si jalma teh rupa rupa barang anu geus rempug imam anu opat kana haramna eta barang contohna saperti jinah maling atawa liyana
5.      Wa alayukharima maaajma’a ala hillihi
( وان لايحرم ما اجمع علئ حله  )
Tegesna ulah ngaharamkeun si jalma teh kana rupa rupa anu geus rempug imam anu opat kana halalna  eta barang contohna saperti jual meli jeung nikah atawa liana
6.      Wa ala yunkiro maa ajma’a ala wujubihi aunud bihi
(وان لا ينكر ما احمع علئ وجو به او ند به  )
Tegesna ulah ngingkarkeun sijalma teh kana rupa rupa barang anu geus rempug imam anu opat anu wajibna eta barang atawa sunatna
7.      Wa ala yuf ila auyakula maa ajma’a ala kufri bihi
(وان لفعل او يقو ل ما اجمع علئ كفر به  )
Tegesna ulah migawe sijalma atawa ngomongkeun kana rupa rupa barang anu geus rempug imam anu opat kana matak kufurna eta barang.
BAB SYAHADAT
Ari farduna syahadat eta aya opat perkara :
1.      Tasdik (تصد يق  )
Tegesna kudu ngestokeun atina ka gusti allah ta’ala
2.      Ta’dim (تعظيم )
Tegesna kudu ngagungkeun atina ka gusti allah ta’ala
 Na geus bijil fajar
4.       Jalma anu buka halna nyana nyana geus surup panon poe buktina aca suruf
5.      Halna nyana nyana tanggal 30 bulan rewah buktina tanggla hiji bulan puasa
6.      Jalma anu nyingreup cai kana irung atawa kekemu tarik teuing kari kari aya cai anu asup ka jeuro
PASAL
Ari batalna puasa eta aya 7 perkara :
1.      Jalma murtad
2.      Palangan
3.      Nifas
4.      Ngajuru
5.      Edan sanajan sakedeung edana
6.      Ayan lamun meakeun sakabeh poe
7.      Weure lamun ngahaja haja weureuna
PASAL
Ari warnana buka eta aya opat perkara :
1.      Buka wajib kaya saperti awewe anu palangan atawa nifas
2.      Buka weunang kaya saperti jalma anu leumpang jauh atawa geuring ripuh
3.      Buka hanteu wajib hanteu weunang. Kaya saperti jalma anu edan anu henteu ngahaja haja edana
4.      Buka haram kaya saperti jalama anu nghirkeun ngodoan puasa bulan romdhon neupikeun rupek waktuna.
PASAL
Ari dungduuman buka eta aya opat perkara
1.      Buka wajib qodo sarta fidyah eta aya dua perkara
a.      Pangbuka teh kusabab mangsieunkeun awak batur
b.      Pang buka teh kusabab ngahirkuen ngodoan nepika datang deui romadhon neupikeun datang deui romadhon anu sejen
2.      Buka wajib qodo hanteu wajib fidyah kaya saperti aun mugma jeung anu poho anu ngahaja haja buka
3.      Buka hanteu wajib qodo wajib fidyah kaya saperti jalma anu pikun anu geus teu kuat kana puasa
4.      Buka henteu wajib qodo hanteu wajib fidyah kaya saperti jalma anu edan anu hanteu naghaja haja edana
Pasal
Ari anu henteu  ngabatalkeun kana puasa eta aya tujuh perkara :
1.      Kusabab aya anu asup kana liang nerus halna poho
2.      Kusabab bodo
3.      Kusabab dipakasa sarta tinemu saratna dipaksa
4.      Nerey ciduh tin sela sela huntu

3.      Khurmat (خرمة )
Tegesna kudu ngamulyakeun atina ka gusti allah taala
4.      Khilawat (خلوات )
Tegesna kudu manis pangestona atina kagusti allah ta’ala
 PASAL
Ari syrat syahna syahadat eta aya opat perkara
1.      Di iman keun ku ati
2.      Di ucapkeun ku lisan
3.      Dilampah keun ku angghota
4.      Kudu bener ngalampahkeun nana
PASAL
Ari batalana syahadat eta aya 4 perkara
1.      Mangman atina ka gusti allah ta’ala
2.      Majar aya allah dua
3.      Awakna sorangan disebutna allah ta’ala
4.      Tara daek nyebut ka kengjeng nabi muhamad saw masing saenya enyana kangjeng nabi muhamad eta piwarangan allah
PASAL
Ari loba lobana syarat jalma kawajiban kana syahadat eta saumurna sakali bae anging lamun nyorang kana kamurtadan wajib ngucapkeun sakali deui.
BAB CAI
PASAL
Ari loba-lobana cai anus yah dipake susuci eta aya tujuh perkara
1.      ما ء السما ء tegesna cai hujan
2.      ما ء البحر  tegesna cai laut
3.      ما ء النها ر tegesna cai walungan
4.      ما ء السلح  tegesna cai es
5.      ما ء البر اد tegesna cai sumur
6.      ما ء العين  tegesna cai anu yumberna tina liang
7.      ما ء البر د tegesna cai hujan buah
Ari cai anu tujuh teh eta dibagi dua bagian sabagian cai saeutik dua bagian cai lobu .ari ngaran cai saetik nyaeta cai anu kurang tina ukuran dua kulah .
            Ari ngaran cai loba nya eta anu jejeg tina ukuran dua kulah atawa leuwih loba. Upama tempatna pasagi rubak panjang jeung jeuro eta kudu aya sasiku satampah. Upama tempatna bonder jeuro eta kudu aya dua siku rubak sasiku .upama tempatna aya tilu juru jeurona eta kudu aya dua siku satengah panjang rubak eta kudu aya sasiku satampah
            Ari hukumna cai saeutik eta upama karagagan kunu najis eta jadi muta najis sanaajan hanteu barobah rupana , rasana , ambeuna, tegeusna henteu dipake susuci upama wudu atawa liana.
Ari pang saeutik sautikna mangsana suci antara palangan jeung palangan deui eta aya 15 poe 15 peuting.ari golib golibna mangsana suci eta aya opat likur poe opat likur peuting atawa tilu likur peuting. Ari loba lobana mangsana suci eta henteu aya waktu nu tangtu
Pasal
Ari pang saeutik saeutikna mangsana nifas eta aya sakeclak. Ari golibna mangsana nifas eta aya 40 poe 40 peuting ari lobana mangsana nifas eta aya 60 poe 60 peuting.
PASAL
Ari udur sholat eta aya dua perkara
1.      Kusabab sare
2.      Kusabab poho, tapi sare jeung poho bijilna tina jalan lalawora.
PASAL
Ari anu ngawajibkeun kana puasa eta aya lima perkara :
1.      Kusabab geus jejeg tanggal tilu puluh bulan reuwah
2.      Kusabab geus ninggali tanggal hiji bulan puasa ,hakna jalma anu ninggali kana tanggal .
3.      Kusabab geus teteup tanggal hiji bulan puasa kalawan geus kabejaan ku jalma anu adil jadi saksi
4.      Kusabab geus kebejaan tanggl hiji bulan puasa kujalma anu tara bohong caritana
5.      Panyana manjingna tanggal hiji bukan romadhon kalawan mungguh jalma anu kasarung.
PASAL
Ari syarat syahna puasa eta aya opat perkara :
1.      Kudu islam
2.      Kudu boga akal
3.      Kudu beresih tina palangan jeung nifas
4.      Kudu nyaho kana poe anu narima di puasaan
PASAL
Ari syarat jalma anu kawajiban kana puasa eta aya lima perkara :
1.      Niat saban saban peuting dina puasa fardu
2.      Tinggal saban saban perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa
3.       Jalmana puasa
Jeung deui wajib qodo kifarat anu gede jeung deui wajib wiwirang jalma anu ngabatalkeun puasa ku jima anu sampurna ti beurang .jeung deui wjin ngeker sart qodo eta aya 6 perkara :
1.      Jalma anu nagahaja haja bua tibeurang dina bulan puasa
2.      Jalma anu tinggal niat ti peuting dina puasa fardu
3.      Jalma anu mangan syahur halna nyana nyana masih keneh tetep peuting bukti
Ari hukumna cai loba eta upama kararagan kunu najis eta henteu jadi munta najis tegesna syah dipake susuci upama wudhu adus atawa liana ,anging lamun barobah rupana rasana, ambeuna tegesna hanteu syah dipake susuci upama wudhu ,adus,atawa liana.
BAB NAJIS
PASAL
Ari hokum eta aya tilu perkara :
1.      Najis muguhladoh tegesna najis anu dibangetkeun dina hukuman nana
2.      Najis muhfafah tegesna najis anu si entengkeun Dina hukuman nana
3.      Najis mutawasitoh tegesna najis anu nengah-nengah dina hukuman nana

Ari najis mugoladoh nyaeta najis anjing jeung bagong atawa anak incuna salah sahiji anjing jeung bagong ataw ari ngumbahna najis mugoladoh eta kudu menang tujuh kali sanggeus ning lengit rupana ,salah sahijina anu tujuh eta kudu dicampuran make taneh
Ari ngaran najis muhofafah nyaeta cikiih budak lalaki anu acan barang dahar salianti cai susu sarta acan umur dua taun ari ngumbahna najis muhofafah eta supaya simbeuh bae anu bae ku cai anu beureusih.
            Ari ngaran najis mutawasitoh eta ngarana sakabeh najis salianti najis mugoladoh jeung najis muhufafah .ari najis mugoladoh jeng najis muhofafah
            Ari najis mutawasitoh eta dibagi dua bagian sabagian najis aeniah tegesna najis anu aya buktina .dua bagian najis hukmiah tegesna anu henteu aya buktina ari ngumbahna najis aeniah eta kudu leungitkeun rupana ,rasana, ambeuna tegesna ulah darapon di usap .ari ngumbahna najis hukmiah eta supaya di simbeh bae kucai beuresih
BAB CECEWOK
PASAL
Ari fardu cecewok eta aya opat perkara :
1.      Kudu kucai anu beresih
2.      Kudu ngabeutekeun liang dubur
3.      Ngilangkeun rupana najis
4.      Kudu leungit bauana najis
PASAL
Ari syarat syahana cecewok eta aya dua perkara
1.      Kudu ngocor caina dina nalika ngosokan tegeusna ulah darapon di usap
2.      Ulah mang – mang kana pang teu ayana anu kaluar tina kubul atawa tina dubur ,jeung ieu syaratkeun beubeursihna cecewok teh kudu diambeuan ciri cukup beubeursih teh eta kunyana bae .
Ari rupana mungguh dilalaki eta tina lesang neupikeun kasap . ari rupana mungguh awewe eta tina kasap neupikana lesang .
9.      Ngengel tarik sakali karena herey
10.  Nambahan rukun bahasa panggawe halan dihaja
11.  Miheulaan  sima’mum kaiman kudua rukun bangsa panggawe halna dihaja ,atawa kapenderian panggawe halna dihaja,atawa kapenderian sima’mum ku iman kudua rukun bangsa panggawe hanteu kalawan udur .
12.  Niat megatkeun solat
13.  Niat ngagantungkeun kana rupa rupa barang anu matak ngabatalkeun kana sholat.
14.  Bulak balik dina pegatna sholat.
BAB PAHARAMAN
PASAL
Ari pangharaman nana jalma anu henteu boga wudhu eta aya opat perkara :
1.      Haram sholat ,sholat fardu atawa sholat sunat
2.      Haram towaf, towaf fardu atawa towaf sunat
3.      Haram ngaragap qur’an
4.      Haram nanggung qur’an lamun hanteu dianutkeun reujeung nanggung banda
Pasal
Ari paharaman nana jalma anu junub eta aya genep perkara :
1.      Haram sholat ,sholat fardu atawa sholat sunat
2.      Haram towaf, towaf fardu atawa towaf sunat
3.      Haram ngaragap qu’ran
4.      Haram maca qur’an
5.      Haram nanggung qur’an
6.      Haram cicing di masjid
PASAL
Ari paharaman nana awewe anu keur palangan atawa nifas aya 10 perkara :
1.      Haram sholat, sholat fardu atawa sholat sunat
2.      Haram thowaf,thowaf fardu atawa thowaf sunat
3.      Haram nagaragap qur’an
4.      Haram maca qur’an
5.      Haram nganggung qur’an
6.      Haram cicing di masjid
7.      Haram puasa
8.      Haram ditalaq
9.      Haram ngaliwat ka masjid lamun sieun ngecelak ka masjid
10.  Haram dialap suka kusalakina antara bujal jeung tuur
Pasal
Ari pang saetik saetikna mangsana palangan eta aya sapoe sapeuting . ari golib-gholibna mangsa palangan eta aya 6 poe 6 peuting atawa 7 poe 7 peuting. Ari loba lobana mangsana palangan eta aya 15 poe 15 peuting .   

BAB WUDHU
PASAL
Ari anu ngawajibkeun kana wudhu eta aya dua perkara :
1.      Kusabab hadas jeng liana hadas
2.      Kusabab ngarepkeun sholat jeng liana sholat sakur anu karep rek diwuduan
PASAL
Ari farduna wudhu eta aya 6 perkara
1.      Niat dina ati saperti kieu pokna
نو يت رفع الحد ث الا صغر فر ض لله تعا لئ
Hartiana : niat abdi wudhu ngilangkeun hadas alit pardu karna allah ta’ala sarta wajib niat the jeung dibarengan jeng datang cai kana beunget
2.      Ngumbah beungeut sakabeh ari ngaran beunget nyaeta tikuhur seret jajadian buuk tihandap seret gado ti gigir seret ceuli pada ceuli pada ceuli dua nana . sarta wajib ngumbah sakur anu jadi dina beungeut kaya bulu atawa lianna
3.       Ngumbah leungeun dua nana sarta jeng sikuna dua nana sarta jeung sikuna dua nana sarta wajib ngumbah sakur anu jadi dina leungeuna kaya senggeh atawa liana
4.      Ngusap kulit sirah saeutik atawa buuk salembar anu acan kaluar tiana had sirah
5.      Ngumbah suku duanana sarta jeung mumuncangan nana , sarta wajib ngumbah sakur anu jadi suku aya senggeh atawa liana
6.       Tartib, ari ngaran tartib nyaeta ngumbah anggahota anu baris dikumbah tiheula mandeurikeun anggahota anu baris dikumbah pandeuri ,kaya ngaheulkeun ngumbah beungeut samemeh ngumbah leungeun.
Pasal
Ari syarat syahna wudhu eta aya 8 perkara mungguh di jalma anu henteu langgeung hadas . tapi ari mungguh jalma anu langgeung hadas mah eta aya 10 perkara :
1.      Jalma islam tegesna hanteu syah wudhuna jalma kafir
2.      Tamyij, teugeusna pinter tegesna hanteu syah wudhu budak anu can tamyij atawa nu edan
3.      Kudu beresih tina palangan jeung nifas tegesna henteu syah awewe anu keur palangan atwa anu jeur nifas
4.      Ulah aya anu ngahalangan datangna cai kana kulit anggahota wudhu kaya leugeut atwa liana
5.      Dina anggahota wudhu teh ulah aya matak ngowahkeun datangna cai kana kulit gincu atawa liana
6.      Kudu nyaho yen wudhu teh fardu
7.      Ulah nekadjeun sunat kana salah sahijina pardu wudhu anu genep teh eta ulah ditekadeun kana sunat
8.      Kudu kucai anu beresih sarta caina anu jejeg tina ukuran dua kulah
9.      Kudu geus manjingna waktu
10.  Kudu tuluy tuluy tegesna tamatkeun wudhu teh dina tempat hiji-hiji
Ieu syarat kasalapan kasapuluh tetep di jalma anu langgeung hadas kaya saperti jalma anu boga panyakit beser ngocor cikiih geutih sapapanjangna
3.      Kudu katutupan orat. Ari ngaran orat mungguh awewe anu merdeka dina nalika sholat sakabeh badana eta kudu ditutupan sanajan buuk salambar ,anging Dampal leungeun dua reujeung mah eta kudu di tembongkeun
4.      Kudu nyanghareup ka kiblat kalawan yakin lamun sholat hareupeun nka’bah. Kunyana atawa yakin lamun sholat dina tempatna sholat lamun jauh ti ka’bah
5.      Kudu geus manjing waktu lamun nyaho sorangan nana lamun teu nyaho kudu nurut kanu nyaho
6.      Kudu nyaho yen sholat teh fardu
7.      Ulah nekadkeun sunat kana salah sahijina rukun sholat anu tujuh belas the eta ulah diteukadkeun sunat
8.      Kudu ngajauhan kana barang barang anu matak ngabatalkeun kana sholat
Pasal
Ari rukun sholat eta aya 17 perkara :
1.      Niat dina ati sarta wajib niat teh bari di bareungkeun jeung maca ihrom
2.      Maca taqbirrotul ihrom nyaeta maca
الله اكبر
3.      Ngantung mungguh jalma anu bisa nangtung dina sholat fardu
4.      Maca fatihah
5.      Ruku
6.      Tumaninah
7.      I’tidal
8.      Tumaninah dina jeuro sholat
9.      Sujud dua
10.  Tumaninah dina jeuro
11.  Diuk antara sujud dua
12.  Tumaninah dina diuk antara sujud dua sujud
13.  Maca attahiyatul akhir anu ditungtungan ku aweh salam
14.  Tumaninah dina diuk eukur maca atahiyat akhir
15.  Maca sholawat ka kanjeng nabi Muhammad saw
16.  Aweh salam nya eta maca السلا م عليكم
17.  Tartib,ari ngaran tartib nyeta ngheulakeun anu baris dipigawe ti heula mandeurikeun anu baris dipigawe ti heula mandeurikeun anu baris dipigawe pandeuri kaya ngaheulakeun ngangtung samemeh ruku
PASAL
Ari batalna sholat eta aya 14 perkara :
1.      Kusabab hadas, hadas geude atawa hadas leutik
2.      Kusabab karagragan najis lamunn henteu geuwat dipiceun sapada harita micceuna ulah kaseubut mawa
3.      Kusabab kabuka orat lamun hante geuwat ditutupan sapada harita
4.      Kusabab ngomong ku aksara dua sanajan euweuh hartina atawa ku aksara hiji anu aya hartian
5.      Sakur sakur perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa
6.      Kusabab aya anu didahar atawanu di inum loba halna poho
7.      Kusabab usik tilu kali tuluy-tuluy halna di haja.
8.      Luncat sakali anu banget karena dihaja.
9.      Pasal
Ari batalna wudhu eta aya opat perkara :
1.      Kusabab aya anu bijil tina palawangan anu dua kaya hitut atawa liana anging henteu batalna wudhu bijil mani kusabab ngawajibkeun kana adus
2.      Ilang akal kusabab sare kaya edan ,kaya gelo atawa sakalor weure, anging hanteu batal wudhu sare bari diuk sarta tetep birit dina pangdiukan nana
3.      Paantel kulit awewe reujeung lalaki pada gede dua nana jeung lain mahrom, ari ngaran mahrom mah nyaeta sakur baraya anu ngaram ditikah
4.      Nyabak liang hareup atawa batur di ragap ku dampal leungeun atawa ku dampal leungeun atawa kudampal ramo

pasal
ari sunatna wudhu eta kudu nyangharep ka kiblat bari maca taud
ا عو د با الله من الشطان الرجيم بسم الله الر حمن الحيم
الحمد الله عل الاسلا م ونعمة الحمد الله الد ي جعل المعاء طهو راو الاسلام نورار بي اعو ذ بك من همزات الشيا طين واعو د بك ربي ان يحضرون
Tuluy sunat ngumbah dampal leungeun seret pigeulangeun duanana tilu kali ieu doana
اللهم احفض يد من معا صيك كلها
Tuluy sunat kekemu tilu kali ieu doa na
اللهم اعنئ علئ د كرك وشكرك وحسنئ عبا د تك
Tuluy sunat ngingsrek cai kana irung tilu kali ieu doana
اللهم ار حنئ رانحة الحنه
Tuluy ngumbah benget tilu kali ieu doa’na
اللهم بيض وجهى يوم تبيض وجو ه وتسود وجوه
Tuluy ngumbah leungeun katuhu tilu ieu do’ana
اللهم اعطنى كتا بى بيمنى وحا سبنى حسب يسرا
Tuluy ngumbah leungeun kenca tilu kali ieu do’a
اللهم لا تعطنى بثمالى ولامن وراء الظهر
Tuluy ngumbah kulit sirah saeutik tilu kali ieu do’ana
اللهم حرم شعر ى عل النا ر
Tuluy sunat ngumbah ceuli tilu kali ieu do’ana
اللهم اجعلنى من الذ ين يستمعو ن القو ل فيتبعون احسنة
Tululy ngumbah suku katuhu suku kenca tilu kali ieu do’ana sarua bae
اللهم ثبت قد مى عل الصير اط بوم تجل فيه الا قدام
Sanggeus putus wudhu the tuluy nangtung nyanghareup ka kiblat bari tanggah sarta ngjungjungkeun dua dampal leungeun bari maca do’a ieu
اشهد ان لا اله الا الله وحده لاشر يك له واشهد ان محمدا عبد ه ورسوله اللهم اجعلنى من اثوابن واجعلني من المطهر ين سبحا نك اللهم وبحمد ك اشهد ان لا اله الا انت استغفر ك واتوب اليك وصل الله عل سيد نا محمد وعل اله وصحبه وسلم
BAB ADUS
PASAL
Ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya genep perkara :
1.      Manjingkeun hasafah kana farji
2.      Bijil mani
3.      Palangan
4.      Nifas
5.      Ngajuru
6.      Maot
PASAL
Ari farduna adus eta aya 2 perkara :
1.      Niat dina ati saperti kieu pokna
نويت غسل للرفع الحدث الا كبرفرض الله تعا لى
Hartina : niat abdi adus ngilangkeun hadas gede pardu karena allah. Sarta wajib bareungkeun jeung datangna cai kana awak
2.      Ngumbah sakur sakabehna ari ngaran awak nyaeta sakur anu kasebut dohir kaya kaya liang irung , ceuli, sungut,anu katembong kaya lupat lepit dian bujal jeung dina parji
BAB SHOLAT
PASAL
Ari loba-lobana syarat jalma kawajiban kana sholat eta aya genep perkara :
1.      Kudu islam
2.      Kudu baligh
3.      Kudu aqal
4.      Kudu salamet tina salah sahijina ngadenge jeung ngali
5.      Kudu kadatangan parentah syara
6.      Kudu beresih tina palangan jeung nifas
PASAL
Ari syarat syahna sholat eta aya 8 perkara :
1        Kudu beresih tina hadas gede jeung tina hadas leutik
2        Kudu beresih tina sakabeh najis tegesna hanteu dihampura sakur anu dipake dina nalika sholat Dina papakeannana dina awakna jeung dina tempatnas sholat
3        Kudu katutupan orat. Ari ngaran orat mungguh awewe anu merdeka dina nalika sholat sakabeh badana eta kudu ditutupan sanajan buuk salambar ,anging 





1 komentar:

  1. Pasal syarat sahna iman nuka 5 hartina ralat kang 5egesnankudu datang kana pangajakna rosul

    BalasHapus

seer di toong