الحمد الله رب علمين ةالصلا ة والسلا م على اشرف الا
Kaula teh boga pangeran
nyaeta allah anu ngadamel kaula jeung sakebeh mahlukna ,jeung deui kaula teh
boga nabi nyaeta Kangjeng Nabi Muhamad
SAW. Ramana Raden Abdulah ibuna Siti Aminah , dibabarkeunana di mekah
diutusna dimekah , teras ngalih ka madinah di pedemna di madinah dibumina Siti
Aisyah Radiallahu Anha .
ا شهد ان
لا اله الا الله
Hartina “ Nekadkeun kaula
ku ati ngucapkeun kulisan kana saenya enyana kalakuan hanteu aya deui pangeran
anu wajib di ibadahan ku anu sabener benerna dina ayana anging gusti allah
nyalira”.
واشهد ان محد ر سول الله
Jeung deui nekadkeun kaula ku ati ngucapkeun ku lisan kana
nyen saenya-enyana kangjeng nabi muhamad eta piwarangan gusti allah .Dipiwarang
ngadatangkeun hokum syara ka sakabeh umat umatna.
Ari
hukum syara eta aya 5 perkara
1. Wajib
2. Sunat
3. Haram
4. Makruh
5. Wenang
1. Ari Ngaran Wajib Ceuk
Syara
مَا ئًسَابَ
عَلَئ فَعلِهِ وئعا قب علئ تر قه
Hartina : “ Dimana
mana perkara dilakonan diganjar ditinggal di siksa contohna
saperti sholat lima waktu ,puasa , zakat,
munggah haji
2. Ari ngaran sunat ceuk
syara nyaeta
مَا ىُسَبَ عَلَى فَعْلِهِ وَلاَ
يُعَاقَبُ عَلَى تَرْ قِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara dilakonan diganjar ditinggal henteu
disiksa contona saperti : sholat sunat ,jeung sajaba ti eta
3. Ari ngaran haram ceuk
syara nyaeta
مَا ىُسَبَ علئ تر قه وَ يُعَاقَبُ عَلَئ فَعلِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara ditinggal diganjar dikakonan
disika contohna saperti jina
maling,tinggal sakabeh ti eta .
4. Ari ngaran makruh ceuk syara nyaeta
مَا لاَ ىُسَبَ علئ تر قه وَ يُعَاقَبُ عَلَئ فَعلِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara
ditinggal diganjar dilakonan henteu disika
contohna saperti : ninggali parji pamajikan .
5. Ari ngaran makruh ceuk
syara nyaeta
مَا لاَ ىُسَبَ عَلَئ فَعلِهِ وَلاَ يُعَاقَبُ عَلَئ تَرْقِهِ
Hartina : “ Dimana mana perkara
ditinggal henteu diganjar dilakonan henteu disika contohna saperti : dahar,nginum,jeung sajab
ti eta.
Ari ngaran wenang mah lamun niatna
hade menang ganjaran lamun niatna goreng teu menang ganjaran .
BAB ISLAM
PASAL
KAHIJI
Mertelakeun islam tegesna
islam teh kabagi dua bagian : sabagian islam ceuk babasan , dua bagian islam
ceuk syara .
Ari ngaran islam ceuk ligot nyaeta :
مَطَلَقَ اْلِا نْقِيَدْ
Hartina “ kadar – kadar anut pada
uga kana hokum syara atawa liana “
Ari ngaran islam ceuk syara nyaeta :
اَلْاِ نْقِيَا دُ لِيْلْاَ حْكَمِ اْلشَرِ عِيةِ
Hartina “ menurut kana sakabeh
hokum syara anu geus diparentahkeun ku rosul “
PASAL
Ari rukun islam eta aya 5 perkara :
1. Ngucapkeun dua kalimah
syahadat nyeta lapad
ا شهد ان له الا الله واشهد ان محد رسول الله
2. Migawe sholat lima waktu
nyaeta sholat dhuhur, ashar , magrib ,isya ,shubuh
3. Mikeunan zakat lamun geus
boga pizakateunana
4. Puasa Sabula dibulan
romadhon
5. Munggah haji ka mekah lamun geus boga
pibeukeleunana , keur majuna ,jeung keur balikna sarta nisab mungguh syara
Pasal
Ari
syarat syahna islam eta aya lima perkara :
1. Al bulughu (البلو غ )
Tegesna kudu baligh
2. Wal aqlu ( والعقلا )
Tegesna kudu boga akal
3. Wannutqu liman qadaro
alaihi ( والنطق لمن قد
رعليه )
Tegesna kudu ngucap mungguh jalma anu bisa ngucap
4. Wattar tibu baiba
syahadatain (و تر تب
بين شها د تين )
Tegesna kudu nartibkeun dian antara syahadat dua
5. Wal bulughu da’wa (والبلغو الد عو ي )
6. Kusabab aya anu asup
peledugna jalan
7. Kusabab aya anu asup
peleugna tipung
8. Kusabab aya anu anu asup
laleur atawa sabangsana laleur
PASAL
Ari rukun iman eta aya genep perkara
:
1. Kudu ngimankeun kana aya
na allah ta’ala
2. Kudu ngimankeun kana
sakabeh malaikatna allah ta’ala
3. Kudu ngimankeun kana
sakabeh kitab-kitabna allah ta’ala
4. Kudu ngimankeun kana
sakabeh utusanana allah ta’ala
5. Kudu ngimankeun kana poe
akhir nyaeta poe kiamah
6. Kudu ngimankeun kana
papasten papasten hade papasten goreng eta datangna ti allah ta’ala papasten
hade dilakonan papasten goreng disingkahan
PASAL
Ari syarat syahna iman eta aya tujuh
perkara :
1. Al bulughu البلوغ
Tegesna baligh
2. Wal aqlu (والعقل )
Tegesna kudu boga akal
3. Wal bulughu da’wah (والبلوغ الد عوئ )
Tegesna kudu datang na
pangajak na rosul
4. Wa’ala yasytakhilla ma’a
ajama alattakrimihi
(وان لا يستخل ما اجمع عل تحرمه )
Tegesna ulah ngahalalkeun
si jalma teh rupa rupa barang anu geus rempug imam anu opat kana haramna eta
barang contohna saperti jinah maling atawa liyana
5. Wa alayukharima maaajma’a
ala hillihi
( وان لايحرم ما اجمع علئ حله )
Tegesna ulah ngaharamkeun
si jalma teh kana rupa rupa anu geus rempug imam anu opat kana halalna eta barang contohna saperti jual meli jeung
nikah atawa liana
6. Wa ala yunkiro maa ajma’a
ala wujubihi aunud bihi
(وان لا ينكر ما احمع علئ وجو به او ند به )
Tegesna ulah ngingkarkeun
sijalma teh kana rupa rupa barang anu geus rempug imam anu opat anu wajibna eta
barang atawa sunatna
7. Wa ala yuf ila auyakula
maa ajma’a ala kufri bihi
(وان لفعل
او يقو ل ما اجمع علئ كفر به )
Tegesna ulah migawe
sijalma atawa ngomongkeun kana rupa rupa barang anu geus rempug imam anu opat
kana matak kufurna eta barang.
BAB SYAHADAT
Ari farduna syahadat eta aya opat
perkara :
1. Tasdik (تصد يق )
Tegesna kudu ngestokeun
atina ka gusti allah ta’ala
2. Ta’dim (تعظيم )
Tegesna kudu ngagungkeun
atina ka gusti allah ta’ala
Na geus bijil fajar
4. Jalma anu buka halna nyana nyana geus surup
panon poe buktina aca suruf
5. Halna nyana nyana tanggal
30 bulan rewah buktina tanggla hiji bulan puasa
6. Jalma anu nyingreup cai
kana irung atawa kekemu tarik teuing kari kari aya cai anu asup ka jeuro
PASAL
Ari batalna puasa eta aya 7 perkara :
1. Jalma murtad
2. Palangan
3. Nifas
4. Ngajuru
5. Edan sanajan sakedeung
edana
6. Ayan lamun meakeun sakabeh
poe
7. Weure lamun ngahaja haja
weureuna
PASAL
Ari warnana buka eta aya opat perkara
:
1. Buka wajib kaya saperti
awewe anu palangan atawa nifas
2. Buka weunang kaya saperti
jalma anu leumpang jauh atawa geuring ripuh
3. Buka hanteu wajib hanteu
weunang. Kaya saperti jalma anu edan anu henteu ngahaja haja edana
4. Buka haram kaya saperti
jalama anu nghirkeun ngodoan puasa bulan romdhon neupikeun rupek waktuna.
PASAL
Ari dungduuman buka eta aya opat
perkara
1. Buka wajib qodo sarta
fidyah eta aya dua perkara
a. Pangbuka teh kusabab
mangsieunkeun awak batur
b. Pang buka teh kusabab ngahirkuen
ngodoan nepika datang deui romadhon neupikeun datang deui romadhon anu sejen
2. Buka wajib qodo hanteu
wajib fidyah kaya saperti aun mugma jeung anu poho anu ngahaja haja buka
3. Buka hanteu wajib qodo
wajib fidyah kaya saperti jalma anu pikun anu geus teu kuat kana puasa
4. Buka henteu wajib qodo
hanteu wajib fidyah kaya saperti jalma anu edan anu hanteu naghaja haja edana
Pasal
Ari anu henteu ngabatalkeun kana puasa eta aya tujuh perkara
:
1. Kusabab aya anu asup kana
liang nerus halna poho
2. Kusabab bodo
3. Kusabab dipakasa sarta
tinemu saratna dipaksa
4. Nerey ciduh tin sela sela
huntu
3. Khurmat (خرمة )
Tegesna kudu ngamulyakeun
atina ka gusti allah taala
4. Khilawat (خلوات )
Tegesna kudu manis pangestona atina
kagusti allah ta’ala
PASAL
Ari syrat syahna syahadat eta aya
opat perkara
1. Di iman keun ku ati
2. Di ucapkeun ku lisan
3. Dilampah keun ku angghota
4. Kudu bener ngalampahkeun
nana
PASAL
Ari batalana syahadat eta aya 4
perkara
1. Mangman atina ka gusti
allah ta’ala
2. Majar aya allah dua
3. Awakna sorangan disebutna
allah ta’ala
4. Tara daek nyebut ka
kengjeng nabi muhamad saw masing saenya enyana kangjeng nabi muhamad eta
piwarangan allah
PASAL
Ari loba lobana syarat
jalma kawajiban kana syahadat eta saumurna sakali bae anging lamun nyorang kana
kamurtadan wajib ngucapkeun sakali deui.
BAB CAI
PASAL
Ari loba-lobana cai anus yah dipake
susuci eta aya tujuh perkara
1. ما ء السما ء tegesna cai
hujan
2. ما ء البحر tegesna cai laut
3. ما ء النها ر tegesna cai
walungan
4. ما ء السلح tegesna cai es
5. ما ء البر اد tegesna cai
sumur
6. ما ء العين tegesna cai anu yumberna tina liang
7. ما ء البر د tegesna cai
hujan buah
Ari cai anu tujuh teh eta
dibagi dua bagian sabagian cai saeutik dua bagian cai lobu .ari ngaran cai
saetik nyaeta cai anu kurang tina ukuran dua kulah .
Ari
ngaran cai loba nya eta anu jejeg tina ukuran dua kulah atawa leuwih loba.
Upama tempatna pasagi rubak panjang jeung jeuro eta kudu aya sasiku satampah.
Upama tempatna bonder jeuro eta kudu aya dua siku rubak sasiku .upama tempatna
aya tilu juru jeurona eta kudu aya dua siku satengah panjang rubak eta kudu aya
sasiku satampah
Ari
hukumna cai saeutik eta upama karagagan kunu najis eta jadi muta najis sanaajan
hanteu barobah rupana , rasana , ambeuna, tegeusna henteu dipake susuci upama
wudu atawa liana.
Ari pang saeutik sautikna mangsana
suci antara palangan jeung palangan deui eta aya 15 poe 15 peuting.ari golib
golibna mangsana suci eta aya opat likur poe opat likur peuting atawa tilu
likur peuting. Ari loba lobana mangsana suci eta henteu aya waktu nu tangtu
Pasal
Ari pang saeutik saeutikna
mangsana nifas eta aya sakeclak. Ari golibna mangsana nifas eta aya 40 poe 40
peuting ari lobana mangsana nifas eta aya 60 poe 60 peuting.
PASAL
Ari udur sholat eta aya dua perkara
1. Kusabab sare
2. Kusabab poho, tapi sare
jeung poho bijilna tina jalan lalawora.
PASAL
Ari anu ngawajibkeun kana puasa eta
aya lima perkara :
1. Kusabab geus jejeg tanggal
tilu puluh bulan reuwah
2. Kusabab geus ninggali
tanggal hiji bulan puasa ,hakna jalma anu ninggali kana tanggal .
3. Kusabab geus teteup
tanggal hiji bulan puasa kalawan geus kabejaan ku jalma anu adil jadi saksi
4. Kusabab geus kebejaan
tanggl hiji bulan puasa kujalma anu tara bohong caritana
5. Panyana manjingna tanggal
hiji bukan romadhon kalawan mungguh jalma anu kasarung.
PASAL
Ari syarat syahna puasa eta aya opat
perkara :
1. Kudu islam
2. Kudu boga akal
3. Kudu beresih tina palangan
jeung nifas
4. Kudu nyaho kana poe anu
narima di puasaan
PASAL
Ari syarat jalma anu kawajiban kana
puasa eta aya lima perkara :
1. Niat saban saban peuting
dina puasa fardu
2. Tinggal saban saban
perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa
3. Jalmana puasa
Jeung deui wajib qodo kifarat anu
gede jeung deui wajib wiwirang jalma anu ngabatalkeun puasa ku jima anu
sampurna ti beurang .jeung deui wjin ngeker sart qodo eta aya 6 perkara :
1. Jalma anu nagahaja haja
bua tibeurang dina bulan puasa
2. Jalma anu tinggal niat ti
peuting dina puasa fardu
3. Jalma anu mangan syahur
halna nyana nyana masih keneh tetep peuting bukti
Ari hukumna cai loba eta
upama kararagan kunu najis eta henteu jadi munta najis tegesna syah dipake
susuci upama wudhu adus atawa liana ,anging lamun barobah rupana rasana,
ambeuna tegesna hanteu syah dipake susuci upama wudhu ,adus,atawa liana.
BAB NAJIS
PASAL
Ari hokum eta aya tilu perkara :
1. Najis muguhladoh tegesna
najis anu dibangetkeun dina hukuman nana
2. Najis muhfafah tegesna
najis anu si entengkeun Dina hukuman nana
3. Najis mutawasitoh tegesna
najis anu nengah-nengah dina hukuman nana
Ari najis mugoladoh nyaeta
najis anjing jeung bagong atawa anak incuna salah sahiji anjing jeung bagong
ataw ari ngumbahna najis mugoladoh eta kudu menang tujuh kali sanggeus ning
lengit rupana ,salah sahijina anu tujuh eta kudu dicampuran make taneh
Ari ngaran najis muhofafah nyaeta
cikiih budak lalaki anu acan barang dahar salianti cai susu sarta acan umur dua
taun ari ngumbahna najis muhofafah eta supaya simbeuh bae anu bae ku cai anu
beureusih.
Ari
ngaran najis mutawasitoh eta ngarana sakabeh najis salianti najis mugoladoh jeung
najis muhufafah .ari najis mugoladoh jeng najis muhofafah
Ari
najis mutawasitoh eta dibagi dua bagian sabagian najis aeniah tegesna najis anu
aya buktina .dua bagian najis hukmiah tegesna anu henteu aya buktina ari
ngumbahna najis aeniah eta kudu leungitkeun rupana ,rasana, ambeuna tegesna
ulah darapon di usap .ari ngumbahna najis hukmiah eta supaya di simbeh bae
kucai beuresih
BAB CECEWOK
PASAL
Ari fardu cecewok eta aya opat
perkara :
1. Kudu kucai anu beresih
2. Kudu ngabeutekeun liang
dubur
3. Ngilangkeun rupana najis
4. Kudu leungit bauana najis
PASAL
Ari syarat syahana cecewok eta aya
dua perkara
1. Kudu ngocor caina dina
nalika ngosokan tegeusna ulah darapon di usap
2. Ulah mang – mang kana pang
teu ayana anu kaluar tina kubul atawa tina dubur ,jeung ieu syaratkeun
beubeursihna cecewok teh kudu diambeuan ciri cukup beubeursih teh eta kunyana
bae .
Ari rupana mungguh dilalaki eta tina
lesang neupikeun kasap . ari rupana mungguh awewe eta tina kasap neupikana
lesang .
9. Ngengel tarik sakali
karena herey
10. Nambahan rukun bahasa
panggawe halan dihaja
11. Miheulaan sima’mum kaiman kudua rukun bangsa panggawe
halna dihaja ,atawa kapenderian panggawe halna dihaja,atawa kapenderian
sima’mum ku iman kudua rukun bangsa panggawe hanteu kalawan udur .
12. Niat megatkeun solat
13. Niat ngagantungkeun kana
rupa rupa barang anu matak ngabatalkeun kana sholat.
14. Bulak balik dina pegatna
sholat.
BAB PAHARAMAN
PASAL
Ari pangharaman nana jalma anu henteu
boga wudhu eta aya opat perkara :
1. Haram sholat ,sholat fardu
atawa sholat sunat
2. Haram towaf, towaf fardu
atawa towaf sunat
3. Haram ngaragap qur’an
4. Haram nanggung qur’an
lamun hanteu dianutkeun reujeung nanggung banda
Pasal
Ari paharaman nana jalma anu junub
eta aya genep perkara :
1. Haram sholat ,sholat fardu
atawa sholat sunat
2. Haram towaf, towaf fardu
atawa towaf sunat
3. Haram ngaragap qu’ran
4. Haram maca qur’an
5. Haram nanggung qur’an
6. Haram cicing di masjid
PASAL
Ari paharaman nana awewe anu keur
palangan atawa nifas aya 10 perkara :
1. Haram sholat, sholat fardu
atawa sholat sunat
2. Haram thowaf,thowaf fardu
atawa thowaf sunat
3. Haram nagaragap qur’an
4. Haram maca qur’an
5. Haram nganggung qur’an
6. Haram cicing di masjid
7. Haram puasa
8. Haram ditalaq
9. Haram ngaliwat ka masjid
lamun sieun ngecelak ka masjid
10. Haram dialap suka
kusalakina antara bujal jeung tuur
Pasal
Ari pang saetik saetikna mangsana
palangan eta aya sapoe sapeuting . ari golib-gholibna mangsa palangan eta aya 6
poe 6 peuting atawa 7 poe 7 peuting. Ari loba lobana mangsana palangan eta aya
15 poe 15 peuting .
BAB WUDHU
PASAL
Ari anu ngawajibkeun kana wudhu eta
aya dua perkara :
1. Kusabab hadas jeng liana
hadas
2. Kusabab ngarepkeun sholat
jeng liana sholat sakur anu karep rek diwuduan
PASAL
Ari farduna wudhu eta aya 6 perkara
1. Niat dina ati saperti kieu
pokna
نو يت رفع الحد ث الا صغر فر ض لله تعا لئ
Hartiana : niat abdi wudhu
ngilangkeun hadas alit pardu karna allah ta’ala sarta wajib niat the jeung
dibarengan jeng datang cai kana beunget
2. Ngumbah beungeut sakabeh
ari ngaran beunget nyaeta tikuhur seret jajadian buuk tihandap seret gado ti
gigir seret ceuli pada ceuli pada ceuli dua nana . sarta wajib ngumbah sakur
anu jadi dina beungeut kaya bulu atawa lianna
3. Ngumbah leungeun dua nana sarta jeng sikuna
dua nana sarta jeung sikuna dua nana sarta wajib ngumbah sakur anu jadi dina
leungeuna kaya senggeh atawa liana
4. Ngusap kulit sirah saeutik
atawa buuk salembar anu acan kaluar tiana had sirah
5. Ngumbah suku duanana sarta
jeung mumuncangan nana , sarta wajib ngumbah sakur anu jadi suku aya senggeh
atawa liana
6. Tartib, ari ngaran tartib nyaeta ngumbah anggahota
anu baris dikumbah tiheula mandeurikeun anggahota anu baris dikumbah pandeuri
,kaya ngaheulkeun ngumbah beungeut samemeh ngumbah leungeun.
Pasal
Ari syarat syahna wudhu eta aya 8
perkara mungguh di jalma anu henteu langgeung hadas . tapi ari mungguh jalma
anu langgeung hadas mah eta aya 10 perkara :
1. Jalma islam tegesna hanteu
syah wudhuna jalma kafir
2. Tamyij, teugeusna pinter
tegesna hanteu syah wudhu budak anu can tamyij atawa nu edan
3. Kudu beresih tina palangan
jeung nifas tegesna henteu syah awewe anu keur palangan atwa anu jeur nifas
4. Ulah aya anu ngahalangan
datangna cai kana kulit anggahota wudhu kaya leugeut atwa liana
5. Dina anggahota wudhu teh
ulah aya matak ngowahkeun datangna cai kana kulit gincu atawa liana
6. Kudu nyaho yen wudhu teh
fardu
7. Ulah nekadjeun sunat kana
salah sahijina pardu wudhu anu genep teh eta ulah ditekadeun kana sunat
8. Kudu kucai anu beresih
sarta caina anu jejeg tina ukuran dua kulah
9. Kudu geus manjingna waktu
10. Kudu tuluy tuluy tegesna
tamatkeun wudhu teh dina tempat hiji-hiji
Ieu syarat kasalapan
kasapuluh tetep di jalma anu langgeung hadas kaya saperti jalma anu boga
panyakit beser ngocor cikiih geutih sapapanjangna
3. Kudu katutupan orat. Ari
ngaran orat mungguh awewe anu merdeka dina nalika sholat sakabeh badana eta
kudu ditutupan sanajan buuk salambar ,anging Dampal leungeun dua reujeung mah
eta kudu di tembongkeun
4. Kudu nyanghareup ka kiblat
kalawan yakin lamun sholat hareupeun nka’bah. Kunyana atawa yakin lamun sholat
dina tempatna sholat lamun jauh ti ka’bah
5. Kudu geus manjing waktu
lamun nyaho sorangan nana lamun teu nyaho kudu nurut kanu nyaho
6. Kudu nyaho yen sholat teh
fardu
7. Ulah nekadkeun sunat kana
salah sahijina rukun sholat anu tujuh belas the eta ulah diteukadkeun sunat
8. Kudu ngajauhan kana barang
barang anu matak ngabatalkeun kana sholat
Pasal
Ari rukun sholat eta aya 17 perkara :
1. Niat dina ati sarta wajib
niat teh bari di bareungkeun jeung maca ihrom
2. Maca taqbirrotul ihrom
nyaeta maca
الله اكبر
3. Ngantung mungguh jalma anu
bisa nangtung dina sholat fardu
4. Maca fatihah
5. Ruku
6. Tumaninah
7. I’tidal
8. Tumaninah dina jeuro
sholat
9. Sujud dua
10. Tumaninah dina jeuro
11. Diuk antara sujud dua
12. Tumaninah dina diuk antara
sujud dua sujud
13. Maca attahiyatul akhir anu
ditungtungan ku aweh salam
14. Tumaninah dina diuk eukur
maca atahiyat akhir
15. Maca sholawat ka kanjeng
nabi Muhammad saw
16. Aweh salam nya eta maca السلا م عليكم
17. Tartib,ari ngaran tartib
nyeta ngheulakeun anu baris dipigawe ti heula mandeurikeun anu baris dipigawe
ti heula mandeurikeun anu baris dipigawe pandeuri kaya ngaheulakeun ngangtung
samemeh ruku
PASAL
Ari batalna sholat eta aya
14 perkara :
1. Kusabab hadas, hadas geude
atawa hadas leutik
2. Kusabab karagragan najis
lamunn henteu geuwat dipiceun sapada harita micceuna ulah kaseubut mawa
3. Kusabab kabuka orat lamun
hante geuwat ditutupan sapada harita
4. Kusabab ngomong ku aksara
dua sanajan euweuh hartina atawa ku aksara hiji anu aya hartian
5. Sakur sakur perkara anu
matak ngabatalkeun kana puasa
6. Kusabab aya anu didahar
atawanu di inum loba halna poho
7. Kusabab usik tilu kali tuluy-tuluy
halna di haja.
8. Luncat sakali anu banget
karena dihaja.
9. Pasal
Ari batalna wudhu eta aya opat
perkara :
1. Kusabab aya anu bijil tina
palawangan anu dua kaya hitut atawa liana anging henteu batalna wudhu bijil
mani kusabab ngawajibkeun kana adus
2. Ilang akal kusabab sare
kaya edan ,kaya gelo atawa sakalor weure, anging hanteu batal wudhu sare bari
diuk sarta tetep birit dina pangdiukan nana
3. Paantel kulit awewe
reujeung lalaki pada gede dua nana jeung lain mahrom, ari ngaran mahrom mah
nyaeta sakur baraya anu ngaram ditikah
4. Nyabak liang hareup atawa
batur di ragap ku dampal leungeun atawa ku dampal leungeun atawa kudampal ramo
pasal
ari sunatna wudhu eta kudu nyangharep
ka kiblat bari maca taud
ا عو د با الله من الشطان الرجيم بسم الله الر حمن الحيم
الحمد الله عل الاسلا م ونعمة الحمد الله الد ي جعل المعاء طهو راو
الاسلام نورار بي اعو ذ بك من همزات الشيا طين واعو د بك ربي ان يحضرون
Tuluy sunat ngumbah dampal leungeun
seret pigeulangeun duanana tilu kali ieu doana
اللهم احفض يد من معا صيك كلها
Tuluy sunat kekemu tilu kali ieu doa na
اللهم اعنئ علئ د كرك وشكرك وحسنئ عبا د تك
Tuluy sunat ngingsrek cai kana irung
tilu kali ieu doana
اللهم ار حنئ رانحة الحنه
Tuluy ngumbah benget tilu kali ieu
doa’na
اللهم بيض وجهى يوم تبيض وجو ه وتسود وجوه
Tuluy ngumbah leungeun katuhu tilu
ieu do’ana
اللهم اعطنى كتا بى بيمنى وحا سبنى حسب يسرا
Tuluy ngumbah leungeun kenca tilu
kali ieu do’a
اللهم لا تعطنى بثمالى ولامن وراء الظهر
Tuluy ngumbah kulit sirah saeutik
tilu kali ieu do’ana
اللهم حرم شعر ى عل النا ر
Tuluy sunat ngumbah ceuli tilu kali
ieu do’ana
اللهم اجعلنى من الذ ين يستمعو ن القو ل فيتبعون احسنة
Tululy ngumbah suku katuhu suku kenca
tilu kali ieu do’ana sarua bae
اللهم ثبت قد مى عل الصير اط بوم تجل فيه الا قدام
Sanggeus putus wudhu the tuluy
nangtung nyanghareup ka kiblat bari tanggah sarta ngjungjungkeun dua dampal
leungeun bari maca do’a ieu
اشهد ان لا اله الا الله وحده لاشر يك له واشهد ان محمدا عبد ه ورسوله
اللهم اجعلنى من اثوابن واجعلني من المطهر ين سبحا نك اللهم وبحمد ك اشهد ان لا اله
الا انت استغفر ك واتوب اليك وصل الله عل سيد نا محمد وعل اله وصحبه وسلم
BAB ADUS
PASAL
Ari anu ngawajibkeun kana adus eta
aya genep perkara :
1. Manjingkeun hasafah kana
farji
2. Bijil mani
3. Palangan
4. Nifas
5. Ngajuru
6. Maot
PASAL
Ari farduna adus eta aya 2 perkara :
1. Niat dina ati saperti kieu
pokna
نويت غسل للرفع الحدث الا كبرفرض الله تعا لى
Hartina : niat abdi adus
ngilangkeun hadas gede pardu karena allah. Sarta wajib bareungkeun jeung
datangna cai kana awak
2. Ngumbah sakur sakabehna
ari ngaran awak nyaeta sakur anu kasebut dohir kaya kaya liang irung , ceuli,
sungut,anu katembong kaya lupat lepit dian bujal jeung dina parji
BAB SHOLAT
PASAL
Ari loba-lobana syarat jalma
kawajiban kana sholat eta aya genep perkara :
1. Kudu islam
2. Kudu baligh
3. Kudu aqal
4. Kudu salamet tina salah
sahijina ngadenge jeung ngali
5. Kudu kadatangan parentah
syara
6. Kudu beresih tina palangan
jeung nifas
PASAL
Ari syarat syahna sholat eta aya 8
perkara :
1
Kudu beresih tina hadas gede jeung tina hadas leutik
2
Kudu beresih tina sakabeh najis tegesna hanteu dihampura
sakur anu dipake dina nalika sholat Dina papakeannana dina awakna jeung dina
tempatnas sholat
3
Kudu katutupan orat. Ari ngaran orat mungguh awewe anu
merdeka dina nalika sholat sakabeh badana eta kudu ditutupan sanajan buuk salambar
,anging
Pasal syarat sahna iman nuka 5 hartina ralat kang 5egesnankudu datang kana pangajakna rosul
BalasHapus